Kaulinan Barudak lamun
ditempo tina susunan kecap, diwangun ku dua kecap, nyaéta kecap kaulinan jeung
kecap barudak. Kadua kecap kasebut geus maké rarangkén séwag-séwangan. Ulin kaasup
kecap pagawéan, hartina migawé pagawéan.
Sanggeusna kaaasupan ku rarangkén ka-an,
kecap kaulinan robah
jadi kecap barang anu hartina paranti atawa sagala hal/barang anu
dipaké ulin. Budak nuduhkeun kana saurang, lamun
ditambahan ku rarangkén tengah -ar-, jadi
nuduhkeun kana lobaan, atawa leuwih ti saurang budak. kaulinan barudak téh mangrupakeun sagalarupa barang atawa naon waé anu dipaké ulin ku barudak
atawa budak babarengan (lobaan).
Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega atawa Nintendo datang,
barudak leutik di Tatar Sunda boga
rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa
mantuan kolotna. Aya sababaraha hiji kaulinan barudak nyaèta:
·
Anjang-anjangan :kaulinan nu niru-niru jelema nu geus
rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb.
·
Bébénténgan :kaulinan anu dipetakeun ku
cara silih beunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu,
talawéngkar, jsb.
·
Boy-boyan :kaulinan bal
ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus
malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu.
·
Cacaburangé :kaulinan di jero imah bari
kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu
dikeupeul ku batur.
·
Damdaman :kaulinan anu maké mikir
lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak
dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan.
·
Galah asin :kaulinan maké
kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus
balik deui.
·
Gatrik :kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku
paneunggeul tina awi ogé.
·
Oray-orayan :kaulinan lobaaneun bari
kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
·
Pérépét
jéngkol :kaulinan
bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu
meunang leupas.
·
Pelak cau :kaulinan
nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu
nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
·
Sorodot gaplok :éngklé, ngan batuna dibawa ku
suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu
ditangtungkeun
·
Ucing-ucingan :kaulinan lulumpatan jeung
nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
kecap kawih digunakeun
dina sabudeureun taun 1518 M, malah bisa leuwih awal. Ngaran kawih anu disebut
dina teks teu bisa dicindekeun naha kakawihan atawa tembang ayeuna. Tapi
istilah kakawihan kiwari dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikeun ku barudak
bari ulin nepi ka sakapeung disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. Kakawihan ka asup sastra lisan, sumebarna
tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna kakawihan
sering disebut sastra balarea.
Ciri folklor dipimilik
ku kakawihan, diantarana:
a. Sumebarna
tatalépa ngaliwatan lisan, sok disebut sastra balaréa
b.
Sipatna tradisional
c.
Aya varian jeung versi, upamana aya
téksna nu béda sautak-saeutik sedengkeun wirahmana sarua atawa sabalikna
d.
Umumna anonim
e. Polos
jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Dananjaya, 1984:3-4)
Dumasar fungsina,
kakawihan dibagi deui jadi sababaraha bagéan:
a. Kakawihan
pikeun kaulinan, contona: cingciripit,
b. Kakawihan
pikeun digawé, contona: mars siliwangi, ngawuluku
c. Kakawihan
pikeun mépéndé, contona: nelengnengkung
d. Kakawihan
pikeun protés sosial, contona: ayang-ayang gung, hatiku jang wawan
Dumasar basana, umumna
kakawihan maké basa sunda tapi aya ogé anu dicampuran ku basa séjén upamana
basa Indonésia jeung jawa. Dumasar waktuna, lolobana kakawihan dipaké ti
beurang atawa beurang jeung peuting, tapi aya ogé anu dipakéna ti peuting wungkul
saperti bulan tok. Dumasar
wangunna, kakawihan kabagi jadi dua nya éta:
a. Kakawihan
wangun dialog, contona: eundeuk-eundeukan lagoni, ngala hui
b. Kakawihan
wangun monolog, contona: ayang-ayang gung, bulantok, pacici-cici putri
Dumasar
eusina, kakawihan loba ngagambarkeun kahirupan masarakat sunda dina mangsa
kakawihan diciptakeun
1.
Pungsi
Kaulinan jeung Kakawihan
a. Pungsi
rékréatif nyaéta pungsi pikeun méré hiburan hususna jang patani atawa jalma anu
hirup di padésaan anu kurang boga hiburan.
b. Pungsi
pédagogik, nyaéta pungsi pikeun ngadidik budak sangkan ngabogaan jiwa sportif.
2.
Nilai-nilai
Kaulinan
Kaulinan
tradisional miboga nilai-nilai luhur jeung pesan-pesan moral. Kaulinan
tradisional lain saukur ngaleungitkeun stress, tapi bisa ogé keur ngajarkeun kajujuran,
tanggung jawab, sikap lapang dada motivasi sangkan boga prestasi taat kana
aturan jeung ngareketkeun kakaluargaan.
nu ngabagi kakawihan
pikeun kaulinan jadi dua, nya éta:
1. Kakawihan
dipaké ngamimitian kaulinan, contona: cingciripit
2. Kakawihan
dipaké disapanjang kaulinan, contona: bolo bogem, ucang angge, punten manga