Senin, 30 Desember 2013

Kaulinan Barudak



Kaulinan Barudak lamun ditempo tina susunan kecap, diwangun ku dua kecap, nyaéta kecap kaulinan jeung kecap barudak. Kadua kecap kasebut geus maké rarangkén séwag-séwangan. Ulin kaasup kecap pagawéan, hartina migawé pagawéan. Sanggeusna kaaasupan ku rarangkén ka-an, kecap kaulinan robah jadi kecap barang anu hartina paranti atawa sagala hal/barang anu dipaké ulin. Budak nuduhkeun kana saurang, lamun ditambahan ku rarangkén tengah -ar-, jadi nuduhkeun kana lobaan, atawa leuwih ti saurang budak. kaulinan barudak téh mangrupakeun sagalarupa barang atawa naon waé anu dipaké ulin ku barudak atawa budak babarengan (lobaan). 
Saméméh kaulinan komputer sarupaning Sega atawa Nintendo datang, barudak leutik di Tatar Sunda boga rurupaning kaulinan pikeun ngeusian waktu ulin manéhna sabada diajar atawa mantuan kolotna. Aya sababaraha hiji kaulinan barudak nyaèta:
·         Ambil-ambilan     :kaulinan budak bari kakawihan anu biasana dipetakeun di buruan jeung perlu lobaan.
·         Anjang-anjangan :kaulinan nu niru-niru jelema nu geus rumah tangga, aya bapa, ibu, anak, tatangga, warung, pasar, jsb.
·         Bébénténgan        :kaulinan anu dipetakeun ku cara silih beunangkeun (ditoél) bari ngajaga bénténg anu dijaga ku batu, talawéngkar, jsb.
·         Béklen                 :kaulinan anu maké bal béklén jeung sawatara kewuk.
·         Boy-boyan                       :kaulinan bal ténis pikeun malédog talawéngkar nu ditumpukkeun. Upama keuna, anu jadi ucing kudu ngaberik terus malédogkeun bal ka nu malédog tumpukan talawéngkar bieu.
·         Congklak             :kaulinan maké papan kai dieusi kewuk.
·         Cacaburangé        :kaulinan di jero imah bari kakawihan. Aya nu jadi ucing nu kudu neguh barang anu dikeupeul ku batur.
·         Cingciripit            :kaulinan bari kakawihan.
·         Damdaman          :kaulinan anu maké mikir lantaran butuh stratégi sangkan buah dam urang teu béak dihakan ku buah dam batur anu jadi lawan.
·         Endog-endogan   :kaulinan maké leungeun bari kakawihan.
·         Empét-empétan   :kaulitan sawah dijieun ku cara niupan tarompét tina jarami.
·         éncrak                  :kaulinan anu biasana maké sarupaning sisikian.
·         éngklé                  :kaulinan ku cara éngklé-éngkléan bari suku nu teu napak kana taneuh mawa batu.
·         Galah asin                        :kaulinan maké kalang di taneuh buruan ku cara lumpat ti hiji kalang ka kalang lain terus balik deui.
·         Gatrik                  :kaulinan maké awi bébékan anu kudu dibetrikkeun pajauh-jauh ku jalan diteunggeul ku paneunggeul tina awi ogé.
·         Gugunungan        :kaulinan paluhur-luhur nyieun gugunungan tina taneuh.
·         Jajangkungan       :kaulinan leumpang maké awi dua anu aya panincakan.
·         Luncat tali           :kaulitan ngaluncatan tali anu dicekelan ku duaan.
·         Ngadu kaléci       :kaulinan maké kaléci. Aya rupa-rupa aturan.
·         Oray-orayan         :kaulinan lobaaneun bari kakawihan, pacekel-cekel taktak, jeung ngantay maju siga oray luar-léor.
·         Paciwit-ciwit lutung: kaulinan bari kakawihan jeung paciwit-ciwit leungeun.
·         Pérépét jéngkol    :kaulinan bari kakawihan jeung nyangkedkeun unggal suku sabeulah, terus puputeran teu meunang leupas.
·         Pelak cau                         :kaulinan nangkeup tihang imah ku sababaraha urang pauntuy-untuy. Aya hiji nu kudu nyobaan ngabetot budak ti nu pangtukangna sina leupas.
·         Sérmen                 :kaulinan peperangan pabalad-balad bari maké pedang anu dijieun biasana tina awi.
·         Sondah                :kaulinan ku cara éngklé-éngkléan make ngaliwatan kalang kotak-kotak.
·         Sorodot gaplok    :éngklé, ngan batuna dibawa ku suku bari leumpang gancang terus sarua ditajongkeun kana batu séjén anu ditangtungkeun
·         Ucing-ucingan     :kaulinan lulumpatan jeung nyingcétan lantaran diudag jeung rék ditoél ku nu jadi ucing.
·         Ucing sumput      :kaulinan néangan batur nu nyumput upama saurang jadi ucing.
kecap kawih digunakeun dina sabudeureun taun 1518 M, malah bisa leuwih awal. Ngaran kawih anu disebut dina teks teu bisa dicindekeun naha kakawihan atawa tembang ayeuna. Tapi istilah kakawihan kiwari dihartikeun lagu-lagu anu sok dinyanyikeun ku barudak bari ulin nepi ka sakapeung disebut kakawihan barudak atawa kaulinan barudak. Kakawihan ka asup sastra lisan, sumebarna tatalepa sacara turun tumurun di lingkungan masarakat. Ku kituna kakawihan sering disebut sastra balarea.
Ciri folklor dipimilik ku kakawihan, diantarana:
a.    Sumebarna tatalépa ngaliwatan lisan, sok disebut sastra balaréa
b.    Sipatna tradisional
c.    Aya varian jeung versi, upamana aya téksna nu béda sautak-saeutik sedengkeun wirahmana sarua atawa sabalikna
d.   Umumna anonim
e.    Polos jeung lugu, sakapeung jiga kasar jeung spontan (Dananjaya, 1984:3-4)
Dumasar fungsina, kakawihan dibagi deui jadi sababaraha bagéan:
a.    Kakawihan pikeun kaulinan, contona: cingciripit,
b.    Kakawihan pikeun digawé, contona: mars siliwangi, ngawuluku
c.    Kakawihan pikeun mépéndé, contona: nelengnengkung
d.   Kakawihan pikeun protés sosial, contona: ayang-ayang gung, hatiku jang wawan
Dumasar basana, umumna kakawihan maké basa sunda tapi aya ogé anu dicampuran ku basa séjén upamana basa Indonésia jeung jawa. Dumasar waktuna, lolobana kakawihan dipaké ti beurang atawa beurang jeung peuting, tapi aya ogé anu dipakéna ti peuting wungkul saperti bulan tok. Dumasar wangunna, kakawihan kabagi jadi dua nya éta:
a.    Kakawihan wangun dialog, contona: eundeuk-eundeukan lagoni, ngala hui
b.    Kakawihan wangun monolog, contona: ayang-ayang gung, bulantok, pacici-cici putri
Dumasar eusina, kakawihan loba ngagambarkeun kahirupan masarakat sunda dina mangsa kakawihan diciptakeun
1.      Pungsi Kaulinan jeung Kakawihan
a.       Pungsi rékréatif nyaéta pungsi pikeun méré hiburan hususna jang patani atawa jalma anu hirup di padésaan anu kurang boga hiburan.
b.      Pungsi pédagogik, nyaéta pungsi pikeun ngadidik budak sangkan ngabogaan jiwa sportif.
2.      Nilai-nilai Kaulinan
Kaulinan tradisional miboga nilai-nilai luhur jeung pesan-pesan moral. Kaulinan tradisional lain saukur ngaleungitkeun stress, tapi bisa ogé keur ngajarkeun kajujuran, tanggung jawab, sikap lapang dada motivasi sangkan boga prestasi taat kana aturan jeung ngareketkeun kakaluargaan.
nu ngabagi kakawihan pikeun kaulinan jadi dua, nya éta:
1.    Kakawihan dipaké ngamimitian kaulinan, contona: cingciripit
2.    Kakawihan dipaké disapanjang kaulinan, contona: bolo bogem, ucang angge, punten manga